Pipiet Senja
“Mamah, tuh kan! Bener kan ini? Mamaku cayang ini bakal ada yang ngasih ONH Pluuuuus, Pluuuus!” Butet ngagerewek tarik awahing ku bungah.
“Woooi, tapi ini bukan gratis! Mama kudu nulis buku buat penerbit!”
“Yang penting ONH Plus, Pluuuusss!” Butet bari der weh ngurilingan indung, jojogedan meuni heboh.
“Bukan jejingkrakan, tauuuk! Sujud syukur, ayo, rame-rame!” ceuk si Cikal. Tiluan gasik sarujud sukur. Ana kitu torojol bapana barudak balik ti Masjid.
“Ada apa kalian heboh begitu? Sampai kedengeran ke Masjid sana!” ceuk Pa Haji, meuni teu euleum-euleum. Sangkilang Masjid jauh ti imah.
“Mama mau diberangkatkan Haji dengan ONH Plus.” Butet semu agul.
“Asalkan mau nulis beberapa buku,” lanceukna nambahan.
“Benar begitu?” cenah bari mureleng ka kuring.
“Insya Alloh begitu.”
“Kan belum pastilah itu. Kalian macam mimpi saja,” cenah bari ngoloyor ke kamarna.
“Astaghfirullah….” Tiluan meuni kompak istighfar.
Aya ku heran naker tah sakadang caroge. Ongkoh geus Haji, tapi kalakuan masih teu jauh ti samemeh ka Mekkah. Malah siga leuwih hare-hare hirup. Ibadahna mah kapireng geus alus tur daria pisan, unggal waktu sholat pasti indit ka Masjid. Ngan nyeta asal ibadah alus sorangan we. Sigana teh embung ngajak-ngajak anak pamajikan ka Sorga.
Kacaritakeun, poe eta, bulan Pebruari, 2006, MoU tos ditandatanganan. Kuring kaluar ti Rukan Karindra Plaza, bari mawa hate kebek ku kabungah. Henteu bisa ngadiskripsikeunana ku kalimah-kalimah jagat literasi. Sapanjang jalan kana angkot sababaraha kali, teu eureun dikir, tahmid, tahlil.
“Keun, ah, moal waka ngabejaan Ema,” gerentes hate. “Engke we lamun geus nampa dokumen Haji ngaran asli sorangan.”
Budak dua geus carampego nungguan di teras. Barang kacirieun kuring asup ka kebon awi, muru imah, duana lalumpatan. Bener, meuni siga budak olol leho wae. Teu sirikna indung rek dipangku, lamun kuring teu gegerewekan nyarek mah.
“Gimana hasil meetingnya, serius kan, Mah?” Haekal teu sabaran.
“Serius ini, Bang. Lihat MoU-nya,” map anu ti tatadi dikekelek teh dibikeun ka si Cikal. Duanana ngimeutan surat perjanjian, sarua unggut-unggutan, heg malencrong ka indung. Siga rek ngomong, “Bravo, Mamah!”
Geus kitu mah kuring ngomando, “Hayu, urang sarujud deui!”
Ti harita kapireng barudak jaligrah. Mingkin geten ngarajina, mingkin remen mere maweh sidekahna. Pon kitu deui kuring, salian kebek ku kabagjaan, asa ngadadak beunghar tan wangenan. Salengkah-lengkah teh asa dirungrum ku seungit kembang kaasih. Meleber seungit hawa Surgawi lir anu ngagupayan ti Mekkah.
Beda jeung batur saimah anu kiwari geus jadi Bapa Haji tea. Hare-hare we, taya kaciri milu bungah. Angot make ngucapkeun; wilujeng mah. Kalah ka mimiti ngomong cita-citana, nyaeta hayang poligami.
Basa diajak arisan kulawarga Tapanuli, Pa Haji ujug-ujug ngaamanahan ti dituna mah. “Ingat! Nanti kau jangan bilang-bilang akan berangkat Haji tahun ini. Apalagi pake bawa-bawa ONH Plus segala. Itu kan belum pasti!” tandes naker.
“Insya Alloh jadi, kenapa tidak? Jika Allah sudah berkenan, bukankah tak ada yang musykil?” cekeng teh nembalan, kalem we.
“Iya, itu kan kalau jadi. Bagaimana kalau tak jadi? Mau ditaruh di mana muka kita!” pokna teh tarik siga ngajak pasea. Astaghfirullahal adhiiiim, ngajerit dina hate. Kabina-bina teuing nya kanu jadi pamajikan. Lantaran tacan dijawab, manehna nengterewelang deui: “Lagian semua mimpi itu, kunampak bikin kau riya saja!” Asa aya anu nyeak kana mamaras.
Harita mah ditembalan we. “Lain riya, lain ujub takabur lamun ngabewarakeun ka dulur, yen urang aya anu ngahajikeun. Dihajikeun alatann jadi pangarang, lain dibawa ku salaki. Taya lian iwal ti hayang babagi kabagjaan. Malahmandar sugan jadi inspirasi pikeun aku mampuh, tapi tacan daek naek Haji. Paham kau itu, Pak Haji?”
“Apa kau bilang?” nanyana morongos.
“Mau ditaruh di mana muka kau itu, tadi kan bilangya begitu? Ya, tak ditaruh di mana-manalah itu. Biarkan saja di tempatnya, sebagaimana Tuhan telah menciptakannya buat kau itu, Pak Haji!” Teu burung manehna kaciri molotot. Geuwat disekak deui. “Gitu aja kok repot, bah!” cekeng teh bari ngajengkat.
Teuing kumaha, geus nyarita kitu mah hate asa puas. Ditungtungan kalahka hayang seuri sorangan. Naha bet tibalik dunya, cakap halak hitalah aku ini. Heuheuy deuh.
Ti harita mah kuring mimiti ngarasa teu tumaninah lamun miluan arisan kulawarga Siregar. Kadieunakeun jadi apal, sigana eta teh mungguh totonden. Moal lila deu oge bakal papisah tah jeung si halak hita. Pa Haji siga ngadadak gering pikir, der maseaan Si Cikal.
Magarkeun teh, “Kal, kau ini bukan anakku. Tanyakan saja siapa bapamu sama ibumu!”
Puguh matak nyeri hate sarerea. Kaluar weh ti imah anu mepet sawah mepet kuburan. Poe eta keneh tiluan pindah ka bumina gaduh Ustadah Yoyoh Yusroh. Keur ceurik kingkin, midangdam kanyenyerian kitu, bada solat Duha.
Ujug-ujug ditelepon Neng Sari, babaturan ngaji di liqo PKS, ngajakan Umroh. Mungguh anugerah ti Gusti Alloh. Kadieunakeun jadi apal, lamun aya anu dolim ka kuring, awal ahir bakal aya hikmah tur nikmat-Na.