Ganjar Kurnia – PATREM – Penyaji Pipiet Senja

Disajakkan dengan apik dan manis

  1. Saha nu engke mepende
  2. Umbara tresna
  3. Koruptor elit
  4. Ondangan
  5. Sacangci Pasini
  6. Dina parahu
  7. Cipanon kuring
  8. Muruy
  9. Sora nu ngaji di peuntas
  10. Heherang panon
  11. Berjamaah di imah
  12. Di Lamping Suni
  13. Ukur galecok na hate
  14. Kembang jalan
  15. Banda Titipan
  16. Limus juragan karta
  17. Payung pulas hejo lukut
  18. Kemba
  19. Lalaki anu nyimpen halimun dina matana
  20. Kembang Hariang
  21. Ngumbar panineungan
  22. Kurabu Batuna BUngur
  23. Supir Angkot
  24. Boneka
  25. Kamar VVIP
  26. Purnama
  27. Hiasan
  28. Surat Penting
  29. Merapi Biru
  30. Bunda
  31. Angin ririh di Bromo
  32. Bamgbaluh
  33. Wilujeng kang, wilujeng
  34. Tukangeun lalangse ipis
  35. Pangarang moyan
  36. Mangsa kamelang ngahiyang
  37. Jeruk bali
  38. Kupat tahu
  39. Hariring tresna
  40. Ceurik lalaki
  41. Bonus
  42. Cindung bungur
  43. Sono sakola
  44. Si teteh, motor jeung kuring
  45. Lunta
  46. Peuteuy
  47. Kalangkang Lawas
  48. Maluruh
  49. Pustakawati
  50. Basa panggih deui

Lima Puluh Judul Carpon Janten Hiji Sajak
(Ganjar KURNIA)

I.

Maluruh Pustakawati,
Si boneka tea, heherang panon
Ka bunda pangarang moyan,
basa panggih deui
di Lamping Suni…..
galecok hate,
lunta
Mapay-mapay kalangkang lawas
Ngumbar panineungan :
Sono ka sakola

II.

Ti tukangeun lalangse ipis Merapi Biru,
Sora nu ngaji di peuntas
jeung solat berjamaah di imah
Kawas angin ririh di Bromo
Nu ngahariringkeun
Umbara tresna

III.

Sanajan awalna kemba
Sacangci pasini
Nu diucap dina parahu
Antara kuring jeung anu dicindung bungur –
anu make hiasan kurawu batuna bungur—
anu dipayung pulas hejo lukut
lir kembang hariang nu ligar mangsa purnama
IV.

Waktu supir angkot mikeun kupat tahu, peuteuy, jeung jeruk bali
anu matak muruy
Manehna ngaharewos : « wilujeng kang wilujeng »
Aya tambihan bonus, serat penting saurna mah!

Barang ditingal, diilik-ilik mana horeng « ondangan »

Kamelang ngahiang
Halimun anu disimpen dina mata
Jadi ceurik lalaki

V.

Sanajan aya karumasaan
Yen sagala oge ngan « banda titipan » :
Kawas si teteh, motor jeung kuring (sorangan)
Tapi tetep aya kakeuhel

:dasar “kembang jalan!”
Horeng jeung si koruptor elit.

Peuheur
Leuwih ti Limus Juragan Karta

VI.

Di kamar VVIP rumah sakit
Bangbaluh anu geus jadi cipanon kuring
Harita nyesakeun pananya
“Saha nu engke mepende?”

(Visited 60 times, 1 visits today)
Avatar photo

By Pipiet Senja

Pipiet Senja, sastrawati Nasional, menulis sejak 1975. Berbagai genre, terutama tentang perempuan. Ribuan cerpen dan ratusan novel telah ditulis, tetapi yang baru diterbitkan sebagai buku 203. Mentor Literasi untuk santri Askar Kauny. Mentor kelas menulis TKI; Hongkong, Malaysia, Singapore, Mesir, Mekkah dlsbnya. Aktivitas Manini 67 tahun dengan lima cucu ini selain menulis, wara-wiri ke rumah sakit sebagai penyintas Thallasemia. Suka diminta Orasi dan baca puisi, sebab ia pun Aktivis 212. Pesannya:"Menulislah yang baik-baik saja, jangan menyesatkan, sebab kelak tulisan kita akan dimintai tanggung jawab. Salam Literasi."

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.

%d blogger menyukai ini: