Pipiet Senja

Dongeng Manini, 1969
Inget deui basa kuring didiagnosa ku dokter di RSPAD. Harita karek kelas genep, umur nincak sawelas taun.

Sihoreng kuru aking ngajangjawing teh lain cacingan. Beuteung bucitreuk, panon koneng enay, mungguh lain kasakit koneng!

“Putra teh thallassemia,” vonis dokter Qomariah, dokter wanoja asli Kuningan.
“Punten, nyungkeun dijentrekeun, Dokter?” Apa nalengteng.

“Thallassemia teh kasakit kelainan darah bawaan, sipatna genetis. Bisa nurunkeun atanapi katurunan. Pasenna henteu tiasa ngadamel getih sacara normal. Tilu bulan sakali apan getih urang teh kedah dibaru, tapi ieu henteu tiasa. Limpana oge bareuh.…”

Apa ngahuleng, mungguh matak reuwas liwat saking. Angot basa dokter nuluykeun kateranganana, yen panyakit kitu teh moal cageur. Panyakit langgeng, salawasna, saumur hirupna. Kuring bakal “kacanduan” ditransfusi darah saendengna!

Basa balik deui ka bangsal kuring, kapireng Apa mapahna bangun moyongkod. Mo bina ti prajurit mulang eleh perang. Leungit ilang tan karana kalangkang hiji tantara, prajurit Siliwangi anu pantrang eleh tanding. Disilih ku silhuet kolot, ceurik kingkin, nyawang kaleungitan salah saurang putrana.

“Naon saur Dokter Qomariah teh, Apa?” Emah anu keur ngahuapan kuring, nyelang bari neuteup Apa. Terus rasa tayohna.

Apa tiba gogodeg, tuluy neuteup kuring salila-lila. Duka kumaha paraosan Apa harita. Tapi anu pasti, socana ngeyembeng ciherang, cipruk ku kahariwang tur kasedih tan wangenan. Pananganana anu kukuh lalaunan turun, mapay sirah kuring, ngusapan buuk kalawan deudeuh.

“Sing tawekal, nya Tikeu, sing kuat. Ku Apa didungakeun, Tikeu sing panjang umur, sehat deui, jagjag deui sabihari. Lin hayang jadi Kowad Tikeu teh, hemm?” saurna bangun peura.

“Muhun…” ku hayang milu ceurik lolongseran.

Ceurik kuring mah alatan sieun diopnameu. Meureun ditinggalkeun sosoranganan. Dalah kumaha tungtungna kuring henteu bisa manggapulia deui.

Poe harita keneh kudu asup di bangsal 14. Dihijikeun jeung pasen karolot. Hiji-hijina pasen budak di dinya mah.

Isukna barudak, adi-adi kuring anu genepan teh diabringkeun. Kabehanana taya anu kaliwat dipariksa getih lengkep; G6PD, Cek Thallasemia jeung nanahaon mah. Boh bisi aya deui dulur kuring anu keuna ku kelainan genetik thallassemia.

“Si Teteh anu geringna, bet urang kababawa,” Arnie teu wudu kukulutus. Pedah eta meureun kapaksa idin ti sakola henteu bisa milu ulangan, jabaning nyeri ongkoh disedot getih sapuluh sese mah.

Ari jeung Adih, adi lalaki mah kalah resep we arulin di taman. Riri jeung Rosi tiba nyalengir, nyarerieun keneh tayohna. Karunya mah Si Bungsu, Amy, karek sawatara minggu umurna kudu kababawa, dipariksa getih.

Sorangan semet ngarenghap jero. Sidikan teu wasa nanaon, ngalempreh we di ranjang. Awak leuleus kabina-bina, tulang-tulang nyareri mani asa rek caroplok. Ari beuteung bunghak bucitreuk lir anu keur reuneuh lima bulan. Puguh nambruna mah alatan kasakit malaria jeung remen mimisan.

Jol suster Patty, urang Ambon, suster Kapala. “Ambil darah dulu, ya! Coba yang lainnya keluar dulu, keluuaaar! Pak, anak-anak jangan dibawa masuklah! Mau kena penyakit apa?” cenah mani tarareugeus.

Barudak ngaburiak naringgalkeun bangsal, dituturkeun ku Emah anu ngais Si Bungsu. Apa nagen keneh gigireun ranjang kuring. Nyumangetan anak.

“Kenapa darah saya diambilin mulu, Suster?” cekeng teh ngawanikeun maneh nalengteng. Meungpeung aya Apa.

Asa ngarempod da ku karek nempo gidigna oge. Dina leungeunna aya spuit injeksi, ambuiiing, etah jarumna oge mani sagede curuk Si Apa?!

“Takaran darah kamu itu cuma empat setengah persen gram. Harus ditransfusi secepatnya. Ini mau ambil contoh darahmu. Nanti Bapak carikan donornya, ya!” cenah angger bari cakueum haseum.

“Siap, Suster!” tembal Apa gaya militer tea.

Mungguh sieun kuring mah ku Suster Patty teh. Urang Ambon, Protestan, buukna kribo, pakulitan hideung lestreng. Umurna mah geus kolot, pangawakan jangkung badag. Pangsiunan tantara cenah mah. Eta lamun geus paparentah, sorana handaruan ka sakuliah koridor bangsal. Hiiiiyy, mani asa sagep-gepeun!

Harita salian ti thallassemia teh kuring keuna malaria jeung flek paru-paru. Unggal poe aya tilu kalina diinjeksi ku Si Samber Nyawa. Gejejes, gejejes… Whoooaah! Barareuh urutna teh, gareuneuk dina pingping jeung bujur. Remen ceurik inghak-inghakan, diupah-apeh ku Emah oge angger we… nyeriii!

Kocapkeun Apa laporan ka Komandan. Komandanna bageur tur perhatian ka anak buah. Sakeudeung oge geus ngumpul pasukan leutik, diabringkeun ka PMI Pusat. Saregut rek nyumbang getih teh… Alhamdulillah, pamuga Gusti Alloh masihan kamulyaan ka aranjeunna. Amiin!

“Tah ieu Pratu Idham, Prada Monang, Kopral Sadino, Sersan Maman, Letnan Joshua, Kapten Bowa…” saur Apa nataan ngaran para prajurit Kodam Jaya anu karek donor. Make ditulis sagala ngaran katut lobana getih anu didonorkeun. Apa tea sagala rupana teh teu weleh tarapti.

“Darahnya itu nanti dari Sabang sampai Merauke, ya Dik?” Kopral Bowa ngaheureuyan, ngakuna asli suku Amungme, Irian Jaya. Sorangan bati ngahephep handapeun simbut belang. Sieun ongkoh, era ongkoh. Aaah, harita mah hirup teh karasana sing sarwa sieueueun!

“Geus nya, Apa kudu ka kantor deui. Engke sore ka dieu, sugan Emah oge bisa ngalongok,” saur Apa samemeh ninggalkeun kuring sorangan.

Eta oge ari peuting mah osok dituguran ku Apa. Emah mah apan tacan lila hudang ngajuru. Geus saminggu diopnameu teh, iwal ti Apa, Emah jeung barudak basa rek dipariksa getih tea… taya deui anu ngalongok!

Sabenerna seueur oge baraya ti pihak Emah, samalah jarugala. Ngan nyeta harita mah duka kumaha, taya saurang-urang acan anu kersaeun ngalongok nu gering. Mimiti ditransfusi kira tabuh sapuluh isuk-isuk. Durugdug Suster Patty ngadodorong kareta leutik pinuh ku kaperluan tindak medis.

“Ditransfusi sekarang kamu, ya!” Panon dipereketkeun peureum. Gila atuda eta nempo jarum suntikna mani sagede nahaon mah. Laaap, laaap… kapas baseuh alkohol teh diusap-usapkeun kana palebah leungeun kenca. Palebah urat nadi, gejejeeeesss weh!

“Allooooh…!” reuwas ongkoh nyeri puguh. Barang beunta deui ana breh teh, leungeun kenca geus dibaguded perban, dibarengkoskeun jeung papan panjang. Persiiiis anu tatu alatan katabrak mobil! Acan nanaon oge geus karasa teu garenah, bayeungyang. Asa garetek deuih, ateueueul!

“Mani dibengker kieu geuning, Suster?” kuring hemar-hemir. Teu ieuh dipalire, durugdug deui ngadorong kareta leutik. Ninggalkeun kuring anu inghak-inghakan ceurik sorangan. Basa rek dahar beurang, loba anu kararunyaeun. Disampeurkeun ku ibu-ibu pasen anu geus marenyat, diarupahan bari disuapan dahar.

“Panaaasss, aduuuh… ateueuel!” Antukna kuring geus teu tahan, mimiti adugabrut basa rengse dahar, kitu ge tiba caman-cemen. Boro-boro hayang dahar, sidikanan teu puguh rasa. Sagala teu ngeunah!

“Cingan, urang teang aya naon atuh, nya,” ceuk Empo Ani, pasen titipan ti polisi. Cenah mah Gerwani manten. Lalaunan leungeun anu dibengker perban teh ku manehna diusap-usap, dibebener, ditoong…

“Gustiiiii! Geuning, geuning… aya tumbilaan?” cenah haroshos awahing reuwas.

Ngadenge kitu kuring teu tahan deui ngoceak, jejeritan weh! Dina pipikiran, kaciptana teh eta si tumbila keur ngaronyok, nyokcrokan getih palebah liang jarum…

“Kurang ajar siah tumbilaaaa!” teu sirikna jerit jengker. Rob weh suster ngarariung ranjang kuring. Suster Patty oge teu burung dagdag-degdeg, sieun kadengeeun ku dokter. Bengkeran diudaran, papanna dileupaskeun. Bener we mani… ngaderes sakadang tumbila saanak buyut!

Kapaksa, pindah ditransfusina dina suku. Henteu make papan, ngan diwanti-wanti ulah loba diongget-ongget. Bisi jarumna leupas, engke kudu dipindahkeun deui… bla, bla, bla!

“Hmm, karunya teuing si Eneng,” ceuk ibu-ibu bari ngabaluran leungeun kuring, urut dipake sarang tumbila tea. “Tangka barentol beureum kieu…”

“Papannya itu kayaknya bekas orang mati kemarin tuh!” Dasar manten Gerwani, Empo Ani mani jebred-jebred we ngomongna. Henteu karunya-karunyaeun ka budak, nya? Ketang, sakitu oge aya perhatian. Nya manehna anu mimiti nyeueung sakadang tumbila!

“Ayo, kamu harus dipindahkan ke kamar!” Suster Patty samemeh alih tugas, geus jebul deui ngadatangan kuring. Etah, aya ku resep-resep teuing nyingsieunan budak, nya? Kituna teh bari durugdug ngadorong ranjang kuring. Puguh matak sawan budak teh lain babasaan.

“Mau dibawa ke mana, Suster?” kuring haroshos kasieunan. Kumaha keh mun dibawa ka rohang bedah? Kumaha keh mun paeh henteu kanyahoan ku Apa, ku Emah, ku sasaha? Meureun mayit kuring diarantep weh di kamar janazah? Kumaha keh mun dipotong-potong, dipake praktek ku dokter bedah? Wuiiih, sagala rupa kasieun asa narembongan, ngabaregegan!

“Ke ruangan khusus keluarga perwira. Bapakmu kan pangkatnya Letnan. Kemarin ditaruh di sini karena di ruangan sana lagi penuh. Sekarang ada kamar kosong buat kamu,” cenah daek ngajentrekeun ayeuna mah.

“Tapi di sini sudah banyak teman, baik-baik…”

“Kamu nggak bisa protes. Ini peraturan di rumah sakit tentara!” tegas suster Patty. “Dokter Qomariah beberapa kali menegur kami soal penempatan kamu ini. Mengerti?!” Empo Ani nyampeurkeun, ngabeberah. “Raos ge di kamar, Neng. Mung tiluan, moal kabaribinan. Tuangna oge dina piring sae, bakina sae…”

“Tos ulah nangis wae, Neng. Ulah sieun, engke dilalongokan ka ditu, nya Neng,” ceuk ibu-ibu anu osok merean bungbuahan jeung kueh.

Di kamar teh enyaan we ngan dieusian ranjang tilu. Harita ngan aya saurang pasenna, nini-nini. Cenah mah geus aya samingguna henteu eling-eling alias koma tea. Sakedapan mah kuring bati hareugeueun, karunya ka si Ompung, da urang Batak. Irungna dipasangan selang oksigen. Inpusanana rupa-rupa, aya botol eusi getih, botol koneng, botol bodas. Watiiir!

“Tingali, geus payah pisan,” ceuk Suster Lia, siswa perawat.

“Jadi, loba anu leuwih payah batan abdi, nya Suster?”

Suster Lia unggeuk. Kuring ditinggalkeun, ngan duaan weh jeung si Ompung. Ibuna Bupati ti Sumatera Utara, cenah. Naha taya anu nungguan, nya? Tapi teu kungsi lila, ana breg teh anu ngabaresuk si Ompung. Mani pagegelek, pating garimbung. Tayohna jamaah ti gareja HKBP. Aya puluhan ngarariung ranjang si Ompung. Ujug-ujug… Der teh ngalagu nahaon mah!

“Dalam nama Yesus Kristus…”

“Hilangkanlah segala penyakit saudara kami ini!”

“Dalam nama Yesus Kristus…”

“Diangkatlah segala rasa sakit dan derita saudara kami!”

“Haleleuyah! Haleleuyaaah…!”

Wuiih, tamah mani ngageder atuh! Duka nyanyi, duka ceurik, duka ngadunga. Ana keur kitu aya saurang jamaahna anu henteu kahaja (maenya we dihaja mah!) nyenggol tihang transfusi kuring. Botol getih anu ngagulayun ti tatadi teh… praaaang!

Getihna muncrat ka mamana. Sawareh maseuhan beungeut kuring, ngabayabah kana simbut belang. Bau hanyir langsung mabek. Kuring teu wasa ningalina. Peureum, tapi lamat-lamat kadenge keneh sora jalma pating jarerit. Beunta sakeudeung, katingal kalangkang Apa ngajega dina lawang panto.

“Apaaaaa!” kuring ngagorowok, angkanan teh menta tulung. Aeh, naha Si Apa kalah malik ka jalma-jalma. Balik deui ka luar kamar… dhaar, dhaaar! Duka kumaha mah tuluyna, kuring kaburu teu inget di bumi alam. Kadieunakeun kakara apal, cenah awahing shock mireng anak baloboran getih, Apa kalah lumpat ka piket. Kabeneran piketna duka keur kamana, suwung.

Apa geumpeur, balik deui ka kamar. Taya dokter. Sangkan aya perhatian ti para patugas, Apa ngabekaskeun pestolna ka langit. Puguh dokter-dokter jaga ngabrul ka rohang rawat kuring.

“Naha Apa henteu dikukumaha ku piketna?” kuring kungsi nalengteng kajadian harita.

“Kuduna Apa anu nyalahkeun piket. Naha make ngidinan jelema asup saloba-loba? Eta deui jelema teh meuni aregois kitu. Make ngayakeun ritual, ngaganggu batur. Dasar Bat…”

Repost 2023

(Visited 20 times, 1 visits today)
Avatar photo

By Pipiet Senja

Pipiet Senja, sastrawati Nasional, menulis sejak 1975. Berbagai genre, terutama tentang perempuan. Ribuan cerpen dan ratusan novel telah ditulis, tetapi yang baru diterbitkan sebagai buku 203. Mentor Literasi untuk santri Askar Kauny. Mentor kelas menulis TKI; Hongkong, Malaysia, Singapore, Mesir, Mekkah dlsbnya. Aktivitas Manini 67 tahun dengan lima cucu ini selain menulis, wara-wiri ke rumah sakit sebagai penyintas Thallasemia. Suka diminta Orasi dan baca puisi, sebab ia pun Aktivis 212. Pesannya:"Menulislah yang baik-baik saja, jangan menyesatkan, sebab kelak tulisan kita akan dimintai tanggung jawab. Salam Literasi."

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.

%d blogger menyukai ini: