
Pipiet Senja

Kenal Patrem teh ti Ceu Holisoh ME, taun 1983- an. Harita kuring keur dina ķondisi krisis selaku pangarang: Block writer.
Serieus, sama sakali teu bisa nulis deui.
Boro-boro ngetik, eta ningal si Denok oge meuni asa saongkek-ongkekkeun.
Oya, si Denok nami mesin ketik merek Brother. Dipeserkeun ku En di pasar rumput alias barang bekas.
“Ieu mesin ketik hargana 17 rebu. Tapi bejakeun ka Bapa mah 21 rebu, nya. Da kudu ongkos,” pokna teh bari mikeun mesin ketik.
“Enya kumaha dinya we,” tembal teh kabawakeun korupsi. Hehe.
Awahing bungah, tilu taun numpang ngetik di kantor Desa.
Caritana ulin weh ka Cileunyi. Ningali Holisoh nuju nerektek we ngagarap carnyam, carpon.
“Bagadang nya Ceuceu ieu teh?” tumanya bari panon mah ngulincer kana kertas-kertas hasil ngetik.
Dijawab ku ngaheheh. Kalah sibuk ngangkut katuangan ti dapur. Eneh, ibuna Holisoh mah mun aya kuring teh sok sagala disadiakeun.
Nalingakeun sagala ketak kreatipitas pangarang Sunda kitu, ngadadak aya kereteg:”Kumaha rasana mun jadi pangarang Sunda kahot?”
Ti harita kuring diajar ngarang ku basa Sunda, langsung hasil ngimeutan yasana Holisoh ME. Carpon munggaran dimuat di koran Mandala.
Ngan aya anu ngritik: karya sampah!
Puguh we matak ngagebeg tur leuleus satulang sandi. Pek we bandingkeun jeung cerpen yasa kuring anu harita langsung: jebreeeeed, ngetop!
Ari ieu karek ge mitembeyan geus aya anu ngagampleng: karya sampah!
Sediiih!
Ngan barang nunutur Holisoh ME ka kantor majalah-majalah Sunda harita, apal pisan kumaha dipihormatna guru kuring. Nekad weh rek tuluy diajar nulis Sunda.
Taun 1989, kakara wani deui ngirimkeun carpon Sunda. Ayeuna mah lain saukur hiji carpon. Tapi sababaraha carpon plus carita nyambung.
Eeeh, dimuat ku Kang Duduh, majalah Mangle. Samalah mah meunang hadiah Carpon Pinilih. Salian honorna badag, ngaran Pipiet Senja jadi ngehits di tatar Parahiyangan. Hehe.
Temana ngeunaan lintas budaya, lintas suku antara Sunda jeung Batak. Jadi branding, ciri khas kuring weh genre model kitu teh.
Awahing ku remen pisan ngekeak tokoh antagonis: salaki jeung mitoha, pariban Bandung tea.
Kang Duduh Durahman kungsi ngingetan:”Neng Pipiet, ulah nulis urusan suku eta bae atuh….. Naha teu bosen?”
Dijawab bari seuri:”Wioslah Kang, janten branding abdi. Ongkoh matak ngemplong kana hate.”
“Naha kitu?”
“Masing majalahna di payuneun si beliau, tara ambek. Da teu ngartosan basa Sunda!”
“Heuy deuh!”
Munggaran diajak ngariung jeung para sastrawati Sunda, diajakan ku Holisoh ME. Aya agenda Patrem di Yayasan Pusat Kebudayaan, 1990.
“Tah itu Ceu Popong,” cenah nataan saurang-saurang senior.”Anu itu tuh Ceu Aam Amilia, Ambu Yooke Tjuparmah, Hana Rohana, Tetti Hodijah, deelel….”
Ti wangkid harita mah kuring nempel weh ka Patrem; Paguyuban Sastrawati Sunda. Tug dugi ka danget ieu.


