By: Aura Insia

Geus mang taun-taun Kuring ngumbara kaungal Nagara, timimiti umur baligh nepika Kiwari masih ngumbara, ngajalanan kahirupan dinagara Batur anu asing tur lobana teu akur Jeung adat Nagara urang.

Ungal waktu loba kuciwa, ceurik nyumput ditempat anu nyingkur ngabeubeurah hate yen urang ngan saukur keur ngumbara, Hiji mangsa lamun geus kahontal kahayang pasti bakal balik kalembur panineungan.

Leuwih ti tujuh puluh purnama kurung ngalalana neangan cara supaya bisa nepi Kana kahayang nu can kahontal tea, ningalkeun kampung, Inung Jeung bapak Jeung anak katut salaki ceuk tadi bakal Bagja Ari urang boga pangartimah.

Ayeuna saanggeus kahontal sanajan barijeung rumah tanga hancur amarayah teuaya nubisa dipulung deui, Kuring mikir lamun baheula Kuring teu indit meureun kaluarga untuh barijeung rumit Oge, tapi da kudu kumaha meureun Ari geus guratanmah Sagala Oge aya dina panguasa Gusti Allah anu Sagala nganyahokeun Kana titik tulis kahirupan Manusa.

Geus nepi Kana wangcina kudu geura-geura mulang ngumpul ngariung Jeung Indung, anak incu da puguh abah geus mulih kajati mulang kaasal barijeung teubisa Panggihheula.

Nyeri hate, ceurik batin tapi dalah dikumaha pgeus papasten tiGusti kudu kieu kahirupan,
Allahuma shalli wasalim’alaa sayyidina Muhammad.

Lembur panineungan. kokolebatan dina Panon.
Jalan tanjakan ngagupayan.
Nitah balik ulah kamalinaan.

Foto=Jalan pilemburam

Kuring ngahelu teudaya.
Awal lunglai teuaya Tanaga.
Cipanon rembes kagagas.
Hayang mulang Acan bisa.

Hate terus ngupahan sorangan.
Sing sabar saheulaanan.
Geus wancinamah pasti bisa.
Sing ulah Aya halangan harungan.

(Visited 209 times, 1 visits today)
One thought on “Hayang Balik Ka Lembur”

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.