Bebeja Ka Indung
Ditulis ku: Aura Insia
Miaoli 24-03-2023
Sakeudeung deui kuring geus rek parat kontrak di Taiwan, ceuk tadina hayang balik we mulang sakalian teu balik deui ka pangumaraan.
Dua bulan kuring mikir, meningan balik atawa kumaha?
Sholat Istikhoroh nggeus sababarahakali, malah cenah lamun ceuk pak beja mah lamun Sholat istikhoroh nu kahiji eta anu nangtukeun.
Ti sa prak sababaraha kali eta nya kuringteh nyokot jalan tengah nyaeta arek cuti wae salila Tilu Mingu mah, da arek naon ceuk pikir the di Imah oge euweuh Kulaaneun.
Kusabab kitu nya atuh mingu kamari teh nelepon ka Indung bebeja yen engke bulan Desember kuring arek cuti salila Tilu Mingu samemeh parat Kontrak tea.
Dina obrolanteh mimitinamah biasa we basa basi tea geuning, kuring uluk salam, Inung nya kitu tea ngajawab salam bari nanyakeun kabar cageur henteuna?
Ceuk kuringteh, Mah pan sakeudeung deui kontrak geus rek parat, ku kituna kuring rek menta cuti we salila Tilu Mingu ngke panungtungan taun, da eta sora meni asa ngaharewos basa ngomong da bisi diambek.
Indungteh repeh bari kadenge ngahela nafasna, tapi teu kungsi lila pokna, ari Mamahmah nitah moal nyaram moal da Maneh nu ngajalnan, nya ari sakirana masih keneh betah mah ceuk mamahmah gawe mah gawe we sakontrak deuimah, da mamah masih keneh alhamdulillah sehat, kadar bapak geus balik tiheula keunbae etamah da geus jadi papasten ti Gusti hahareup urang ge bakal nuturkeun
Kuring ngaregepkeun bari dumareuda, aya rasa tenang dina hate ari Indung geus mere izinmah.
Poe tadi Dunungan datang nganteurkeun obat Indungna Nyaeta Pasien anu dijaga ku Kuring tea.
Atuh sakalian we carita lamun Indung kuring ngijinan neruskeun gawe tapi ngan sakali deui we jeung syarat lamun kuring geus waktuna Wisuda kudu diijinan balik heula.
Alhamdulillah maranehna satujueun kana pamenta kuring, Doa Indung dipaparinan jeung di Ijabah ku Gusti Allah nu Maha Agung.

Poto: NUNUY
