Ku: Gugun Gunardi*
Basa Sunda tèh, basa sèkè sèlèrna urang Sunda. Basa anu dipakè ku masyarakat anu hirup kumbuh di tatar Sunda. Ari masyarakat basa Sunda, lain waè anu aya di Jawa Barat, tapi ogè ngawengku Provinsi Banten, utamana masyarakat Baduy di dèsa Kanèkès. Urang Baduy nepi ka kiwarj masih satia makè basa Sundan. Malah bisa jadi, keur urang Baduy mah basa Sunda tèh, alat komunikasi anu utama pikeun ngayakeun silaturahmi papada maranéhna.
Kumaha ari dayeuh, anu geus campur masyarakatna jeung anu datang ti luar tatar Sunda. Tangtu basa anu dipakè sapopoèna geus pagaliwota jeung basa nu lian. Geus pasti basa Indonesia mah, da basa nasional. Tapi hirup ogè basa Jawa, basa Batak, basa Padang, alatan èta sèkè sèlèrna loba nu bumèn-bumèn di tatar Sunda. Sansjan kitu, pikeun urang mah, kudu basa Sunda anu jadi basa sèkè sèlèrna.
Patali jeung sora hirup (vokal), jeung sora paèh, baris dipedar dina ieu bahasan. Sanajan kumaha waè, ari vokal jeung konsonan tèh bagèan anu penting dina mutalaah basa. Kulantaran kitu, sing kuring baris medar perkawis èjahan basa Sunda, utamina patali sareng sora hirup atanapi vokal basa Sunda, jeung konsonanna.
Dina basa Sunda, vokal tèh aya tujuh rupa, kayaning: [a], [i], [u], [è], [o], [e], [eu]. Dina mangsa kiwari masih kèndh sok aya anu kaliru, dina makèna vakal [e] jeung (eu]. Masih kènèh sok aya anu kirang paos dina nyeratkeun vokal [e] sareng [eu], upamina waè;
Anu kedahna nganggo vokal [e], diserat nganggo vokal [eu], kitu deui anu kedahna nganggo vokal [eu] diserat nganggo vokal [e].
Contona:
Janten – diserat – janteun
Peuyeum – diserat – peyem
Wilujeng – diserat – wilujeung
Wengi – diserat – weungi
Nepangkeun – diserat – neupangkeun
Buleud – diserat – bulet
Sampeu – diserat – sampe
Kebeyreuyan – diserat – kabereyan, jrrd.
Prah kaseuseueuranna nu lepat nyerat tèh, dina nyeratkeun vokal [e] sareng [eu].
Aya ogè anu lepat nyeratkeun vokal [è] sareng vokal [e], tiasa kahartos, margi dina basa Indonesia tanda nu ngabèntenkeun antawis èta 2 vokal teu aya, nanging dina EYD Edisi V tanu 2022, disigeun saeutik perkawis èta. Tiasa waè kabiasaan nyerat dina basa Indonesia kacandak kana nyerat dina basa Sunda.
Contona waè:
Ditèwak – diserat – ditewak
Ditèkè – diserat – diteke
Dibèrè – diserat – dibere
Dikèlèk – diserat – dikelek, jrrd.
Nangin cobi kanggo ngabèntenkeun ayana vokal [è], [e], [eu], dina basa Sunda, cobi diimeutan hiji kecap, “bèntenkeun”, 3 vokal [è], [e], [eu], aya dina èta kecap.
Patali sareng sora paèh atanapi konsonan, saleresna teu aya bèntenna sareng anu sanèsna dina perkawis nyeratkeunana, sami waè. Sareng nyeratkeun dina basa Indonesia ogè basa sanèsna.
Mung panginten dina macana atanapi ngucapkeunana, aya robih èjahanana nalika lètah urang Sunda ngucapkeun konsonan, [f], [q], [x], [z], [v], kaleresan èta 5 konsonan teu aya dina basa Sunda.
Tapi, sanaos kitu, cara ngucapkeunana mah tiasa dilatih. Sok komo ayeuna mah parantos seueur urang Sunda anu pasèh basa Inggrisna, tangtos parantos kalatih kumaha ngucapkeun èta 5 konsonan.
Aya ogè vokal rangkep nu sarua dina basa Sunda, anu keur rasa basa Sundana kurang, bakal kurang merenah ngucapkeunana.
Upamana waè:
Ii – dina kecap – kiih, miis, niis, tiis, ngaran Ii Sapii, Iis, Iip, Iik, Iip; jrrd.
Èè – dina kecap – hèès, dèèt, èpès mèèr,
Eueu – dina kecap – keueum, heueuh, teueul, jeueung,
Aa – dina kecap – aang, aa, taak, baal, haat, caah, daang, caang, gaang,
Oo – dina kecap – Ooh, bool, noong,
Uu – dina kecap – kuuk, huut, buuk, suuk, suung.
Eta kecap anu aya vokal rangkepna, pikeun anu teu paham kana basa Sunda mah, bakal dibacana dipanjangkeun.
Sakitu anu kapihatur, mugia manfaat pikeun anu resep diajar basa Sunda.
*Dosen Fakultas Sastra Universitas Al Ghifari