Ku: Gugun Gunardi

Bubuka:

Sacara umum karakter tèh sikep-sikep anu dipibanda ku saha waè, anu ngabalukarkeun èta jalma tèh dipikareueus, sabab dirina mintonkeum kawibawaan, kajujurusan, jeung kakuatan moral. Sacara etimologi (kecap asalna), istilah karakter tèh asalna tina basa Latin, nya èta character anu hartina tabiat, watek, sifat-sifat kajiwaan, kapribadian, budi pekerti, bisa ogè ahlak.

Watesan karakter anu sèjènna, nya eta; kumpulan tina kapribadian, watek jeung sifat nu dipibanda ku salah saurang, anu mintonkeun kabiasaan, ogè kayakinan individu (sorangan) dina kahirupan sapopoè. Ngawujudna karakter diri salah saurang, bakal ngawujud ngaliwatan atikan anu katarima ku inyana dina kahirupanana. Bisa disebutkeun, yèn karakter tèh lain watek anu dibawa ti barang lahir, tapi ngawujud ku lantaran ngaliwatan hiji proses atikan, dina lingkungan kulawarga jeung lingkungan masyarakatna.

Numutkeun Soemarno Soedarsono;
“Karakter merupakan suatu nilai yang terpatri pada diri seseorang, diperoleh dari pendidikan, pengalaman, percobaan, pengorbanan, dan pengaruh dari lingkungan yang kemudian dipadu-padankan dengan nilai yang ada pada diri seseorang individu, dan kemudian menjadi satu nilai intrinsik yang terwujud dalam sistem daya juang, dan kemudian melandasi sikap, pemikiran seseorang dan perilakunya.”

‘Karakter tèh minangka ajèn inajén anu nyangkaruk dina diri salah saurang, anu kapibandana tina atikan, pangalaman, nyoba-nyoba, jeung lalampahan hirup, ogè pangaruh ti lingkunganana, anu laju ngahiji dina ajèn inajèn salah saurang, anu tuluy jadi ajèn intrinsik anu ngawujud dina sistem daya juang, laju jadi dadasar sikep hirup, cara mikir jeung watekna.’

Numutkeun Poerwadarminta;
“Karakter adalah watak, sifat kejiwaan, akhlak dan tabiat atau budi pekerti seseorang yang membedakan orang tersebut dengan orang lain.”

‘Karakter tèh watek, sifat jiwa, ahlak jeung tabèat atawa budi pekerti salah saurang, anu ngabèdakeun èta jelema jeung anu sèjènna,’

Numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI);
“Karakter merupakan sifat kejiwaan, tabiat, akhlak, atau budi pekerti seseorang yang membedakan seorang individu dengan individu lainnya.”

‘Karakter, nya èta sifat jiwa, tabèat, ahlak, atawa budi pekerti salah saurang nu ngabèdakeun dirina ti anu sèjènna.’

Ku sabab kitu, jelena anu miboga prilaku teu jujur, kejem atawa rakus, bisa disebutkeun hiji jelema anu miboga karakter gorèng. Sedeng jelema anu miboga prilaku jujur, resep nulung kanu sèjèn, sok disebutkeun sabagè jalma anu miboga karakter mulya. Jadi, istilah karakter tèh raket pisan jeung watek atawa tabèat inyana.

Pasualan:

Patali jeung karakter di luhur, pikeun urang Sunda mah aya picontoeun anu teu kudu nyutat ti urang deungeun, tapi estuning natrat diwariskeun ku karuhun urang dina naskah-naskah, anu nètèlakeun rèngkak paripolahna Raja Padjadjaran, nya èta Prabu Siliwangi.

Saur para ahli sajarah, Prabu Siliwangi mibanda sifat-sifat anu miboga ajèn inajèn, anu merenah pisan jeung relevan pisan diconto ku generasi di mangsa kiwari. Sok komo ku anu ngarasa masih kènèh aya patali rundayan sareng Anjeunna.

Prabu Siliwangi tèh mibanda sikep ngasuh, paduli ka rahayat, ngawangun kasejahteraan masyarakat, gèdè wawanèn nyanghareupan tangtangan, boga sikep toleransi, ngaheuyeuk lingkungan, jeung tara gedag kaanginan.

Nu kahiji; Prabu Siliwangi boga sifat ngasuh ka rahayatna, hiji sikep pamingpin anu dipiharep rahayatna. Boga rasa asih nyaah ka rahayatna, teu sangeunahna dina mingpin, teu dzolim. Ku sabab kitu, Prabu Siliwangi dipicinta rahayat Pasundan, jeung jadi conto pikeun pamingpin di Tatar Sunda kiwari.

Kadeua; Prabu Siliwangi merhatikeun rahayatna. Pasifatan anjeunna dicatet natrat dina Wangsit Prabu Wastukancana anu eusina teu meunang sangeunahna ka rahayat, teu meunang nindes rahayat.

Katilu; ngawangun kahirupan rahayat anu sejahtera. Teu aya kapalay males ka nagara sèjèn anu geus ngatalangsarakeun kahirupanana. Tapi leuwih merhatikeun katingtriman jeung kasajahteraan rakyat.

Kaopat; wani nyanghareupan tangtangan, boh tangtangan ti lingkunganna atawa tangtangan ti luar lingkunganna. Anu ku sifat ieu, ngawujud cara perang Urang Sunda.

Kalima; boga sikep toleransi dina agama. Prabu Siluwangi nikah ka Subang Larang anu agamana Islam. Anjeunna ogè henteu ngahalangan palaputrana ngagem agama Islam.

Kagenep; ngajaga wilayahna dina nyanghareupan pacogrègan jeung pihak luar. Nu utamana ngajaga tatar kakuasaan jeung rahayatna, dina kaayaan tentrem.

Katujuh; miboga sifat satria. Dina ahir ngaheuyeuk karajaan Padjadjaran, aya kajadian pacogrègan di jero karajaanna. Prabu Siliwangi teu werat ningali papasèyaan di lingkunganna. Malar teu jadi perang duduluran, Anjeunna jeung para badègana angkat ka leuweung pikeun ngajauhan papasèyaan piduluran, malah ceuk sakaol nalika anjeunna diudag ku salah urang putrana, malar Anjeunna lebet Islam. Anjeunna ngagurat taneuh bari ngucapkeun:

“Pun sadu sadat Sunda, twan katata twan katepi, Slam larang tan kasorang, tan urang haji Pakwan.”

Kira-kira, pibasaeun dina basa Sunda kiwari kieu:
‘Punten ieu cekelan atawa jangji urang Sunda, anu bisa jadi ku anu pinter ogè boa teu kaharti, Islam anu Suci ku kuring tacan kasorang, tapi kuring jalma suci ti Pakuan.’

Panutup:

Numutkeun catetan sajarah anu nyutat tina sababaraha naskah Sunda, Karajaan Padjadjaran ngadeg taun 923 M, tuluy runtuh dina taun1579 M. Teu aya catetan runtuhna karajaan Padjadjaran dilantarankeun ku perang duduluran atawa perang jeung nagara sèjèn. Tapi runtuh kulantaran ageman anu robah, sanggeus dikantunkeun ku Rajana.

Jadi, tètèla pasifatan Prabu Siluwangi anu sakitu luhur ajènna dicandak angkat ngantunkeun kakawasaanana, malar teu aya pacogrègan di lingkungan masyarakatna.

Anjeunna alim ningal rahayatna katalangsara alatan perang, sok komo perangna tèh, duduluran dilantarankeun bèda ageman. Èta dipahing pisan ku anjeunna.
Caaaggg.

Nu nulis: Dr. Gugun Gunardi, M. Hum. Dosen Fasa Al Ghifari. Lektor Kepala (Associatie Professor).

(Visited 189 times, 1 visits today)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.